Site icon Jernih.co

Geus Surup Bulan Purnama*

Masjid Menara Kudus, foto koleksi TropenmUseum

Peuting terus ngarayap ngarungkup Madinah nu nguhkul alum. Kota cahaya leungiteun cahaya. Bentang ting kerejep, kiceup panon nahan cimata. Langit ngajumbleng hieum, tan warna tan soara. Ngan angin teu eureun-eureun ngahiur, ngadius bangun nu rusuh, mawa beja ka lulurung jagat buana. Al-Amin parantos mulih, Rosululloh parantos ngantunkeun.

Ku  : Yous Hamdan

JERNIH—Raga nu ngalungsar jero istirah panjang, teu lesot tina teutepna. Diteuteup terus diteuteup, meh teu ngiceup-ngiceup. Beuki rumeuk, les ngaleungit, layon ujug-ujug musna. Manehna ngaranjug, gentak ngagisik panon. Breh deui tembong, banusan angger ngalungsar, bangun ayem dina tengtrem. Ilang the horeng kasaput cipanon ngembeng. Teu karasa.

Kuniang manehna cengkat. Cong solat janasah, doa solawat ngagalindeng halon ti batin nu ngarakacak.

Basa layon dikurebkeun, meh bae manehna ngagoak. Bari tipepereket nahan rewu rupa rasa nu ngagolak, ceg leungeunna kana singkup. Sewur-sewur laun, taneuh keusik ngarimbunan salira jisim mulia, disiram keclak cimata. Basa sore geus reupreupan, dina peuting nu mimiti ngangkang.

Ngabigbrig manehna balik, henteu purun cacarita jeung sasaha. Blus ka kamar, ngabebengkang. Salila-lia ngeueung nyorangan, lantaran katineung ka nu mulang ninggalkeun.

“Memang anjeun kagungan Alloh, ya Rosul,” ahirna Bilal ngagerendeng bari malik terus nangkuban. Tapi pameunteu Rosul angger ngalangkang. Teu kalis ku dipeungpeunan, dipeureum-peureum. Rahuh we manehna ngarahuh, jero jeung panjang. Dadana karasa beurat. Beurat batu nu ditindihkeun ku Umayah ngan tiba ngaraheutan kulitna. Tapi tilarna Rosul nyasaak hatena, ngagerihan batinna, mupul lelembutannana.

Panangan Rosul nu ranggem kaheman, tos ngangkat jeung nungtun manehna ti jungkrang nu peteng medem. Risalahna geus nyangling dirina, tina abid nu nista jadi insan nu boga ajen jeung harga diri. Ku Rosul rumasa dijelemakeun.

“Gancang panggihan Bilal, ajarkeun kalimah-kalimah adan eta. Manehna nu kudu nyoarakeun sabab sorana leuwih tarik jeung halimpu ti batan sora anjeun,”ngagalindeng deu dawuh Rosul ka Abdullah bin Zaid. Bilal meunang kahormatan, kaselir jadi muazin Rosul. Manehna deuih nu meunang kapercayaan nyekel al-khumus, sperlima bagian Rosul, miskin jeung ibnu sabil, tina harta rampasan perang. Bilal kaselir jadi bendahara Rosul.

Taya kareueus nu pangendahna iwal ti dipuji ku insan nu maha pinuji. Alhamdulillah, taya kabagja nu panggedena lian ti dipercaya ku Al-Amin maha amanah. Insya Alloh!

Kacinta Rosul ka dirina, karasa ku manehna tur kaseksen ku sarerea. Ngungkulan cinta indung-bapa ka anak tunggalna.

Bilal angger nyuuh. Awakna endag ku engapan hegak dadana. Cintana ka Rosul ngaleuwihan cinta ka dirina pribadi. Geus lebur jiwa ragana kana risalah nu dicandakna. Top raga top nyawa!

Cintana ka Rosul mo beunang disisilihan. Angot basa ahir-ahir kanyahoan, yen Rosul pisan sayaktosna nu nganjurkeun Abu Bakar supaya nebus manehna. Turta Rosul keukeuh teu kenging diwagel ku Abu Bakar, palay ngiring andil urunan artos pikeun nebus manehna ti Umayah bin Kholaf. Sanggeus nyaho kana eta lalakon nu kacida dirusiahkeunana, cintana ka Nabi beuki meulit. Binarung rasa hormat wedi asih nu clik putih. Beuki meulit taya niat pukah deui, hamo kuat pisah deui.

Asa rajet hatena kasiksa kasono, basa kapaksa kudu pisah. Hijrah ti heula ka Madinah.

Nyeri beuheung sosonggeteun, sapeuting asa sataun, ngantos Rosul teu jol bae. Unggal poe manehna lunta ka luar Kota Madinah, ngajejentul ngarep-ngarep Nabi sumping. Pisah ukur mimingguan, bubulanan geus sakitu ripuhna. Asa tutung jajantung kaduruk gandrung. Ari heug ayeuna kudu pisah keur salawasna! Ya Nabi! Ya Rosul! Ya Robbi, ya Maulana!

Peuting terus ngarayap ngarungkup Madinah nu nguhkul alum. Kota cahaya leungiteun cahaya. Bentang ting kerejep, kiceup panon nahan cimata. Langit ngajumbleng hieum, tan warna tan soara. Ngan angina teu eureun-eureun ngahiur, ngadius bangun nu rusuh, mawa beja ka lulurung jagat buana. Al-Amin parantos mulih, Rosululloh parantos ngantunkeun.

Kulisik Bilal ngulisik. Nyangigir, gulinggasahan. Blak deui ngabebengkang. Leungeunna nyampay dina tarang. Panon nu beueus ceuleuyeu melong kosong tan paningal.

“Anjeun the bulan purnama nu nyaaangan mongklengna kahirupan manusa. Kumaha horeng jadina, sabada nur anjeun nyalira pareum. Geus surup bulan purnama. Langit medem bumi peteng! Tapi henteu, henteu. Astagfirulloh!”

Rosul baris terus jumeneng sapanjang mangsa. Salalawasna! Lalakon hayatna nu arum kebek wawangi jeung meuhpeuy ku kahadean, tapak lacakna nu gumebyar ku ahlak jeung bebeneran, ngajadi obor hidayah nu nyinaran umat enggoning lumampah ngigelan jaman.”

“Teu, Rosul teu pupus jeung moal pupus-pupus. Sapanjang Qur’an al-Karim masih aya jeung masih tetep jadi bacaan umat. Sapanjang Sunnahna nu endah mulya tetep jadi teteken jeung tetekon hirup manusa. Satungtung langit mayung, jagat ngampar, srangenge nyorot manceran.”

Balebat nyingraykeun lalangse peuting lalaunan. Pajar ngarongheap datang, tebeh wetan mimita ray-rayan. Tingarudat sutra emas nyulam geblegan buludru hideung.

Ras kana kawajiban nu geus baku. Bilal nguniang hudang. Kulutrak mukakeun panto, ngadaligdeug lengkahna ngajugjug masjid.

Geus baku, memeh adan teh ngadoa heula. Sangkan dipaparin rijki, hidayah jeung takwa, kebersihan jeung kajembaran jiwa. Jeung jaga dihijikeun dina kumpulan para sodikin, syuhada jeung para solihin.

Basa waktu adan geus manjing, sorana ngalanglaung ti munara Masjid Nabawi. Husu tur agung. Panggero langit ngumbul mumbul ka awang-uwung. Sumeleket mapay birit-birit peuting. Nambah simpe tungtung peuting nu meujeuhna jemplang-jempling.

“Allohu Akbar Allohu Akbar

Allohu Akbar Allohu Akbar

Asyhadu an la ilaha ilalloh

Asyhadu an la ilaha ilalloh

Asyhadu anna….”

Teu bisa kebat. Tikorona ujug-ujug nyelek, dadana ngadadak eungap. Biwirna rapet, letahna beurat. Pireu, ngadadak pireu lir dicekek eureu-eureup. Berebey, berebey cipanon haneut mapay pipina. Lila-lila ngagarajag. Gentak ditungkup ku dua dampal leungeunna. Tapi rembes ngaliwatan sela-sela ramona. Sawatara jongjongan manehna ngagukguk sumegruk bari nyuuh kana tembok.

Satekah polah manehna negerkeun hatena. Ngetrukkeun saayana jajaten dirina. Ahirna bisa deui nuluykeun hanca adanna. Tapi sorana ngayapak jeung dumareuda.

Asyhadu anna Muhammadar Rosululloh

Asyhadu anna Muhammadar Rosululloh

 Hayya ‘alas sholah… Hayya ‘alas sholah…

Hayya ‘alal falah… Hayya ‘alal falah…

Allohu Akbar…Allohu Akbar

La ilaha ilalloh…”

Rengse solat, gura-giru manehna balik. Blus deu manehna numpi diri.

“Tilarna anjeun ya Rosululloh, mangrupi hiji karugelan. Namung tos kitu qodho Allo lumaku. Moal aya hiji kakuatan nu wasa nolak.”

Waktu lohor ampir cunduk. Bilal karek turun ti imahna. Datang ka masjid, gek diuk misah jeung mencilkeun maneh ti batur.

Geus waktuna adan. Tapi sora Bilal angger lebeng. Breh di juru. Bilal nguhkul jero tapakur.

“Adan, ya Bilal!” salah saurang ngagero.

“Kuring moal adan-adan deui. Pek we nu sejen,” tembalna ngageuri. Luk deui tungkul.

Torojol Abu Bakar sumping. “Ka mana Bilal? Di mana Bilal?”

“Ieu kuring, ya Abu Bakar!” tembalna bari nyampeurkeun.

“Adan, ya Bilal!”

“Moal.”

“Naha?”

“Upami anjeun baheula ngamerdekakeun kuring teh, sangkan kuring tetep jeung anjeun, memang aya hak anjeun, ya Abu Bakar. Tapi, lamun anjeun ngamerdekakeun kuring ngan wungkul karana Alloh, antep kuring dina kamerdekaan kuring ieu.”

“Demi Alloh, karana Alloh kuring ngamerdekakeun anjeun.”

“Lamun kitu, kuring moal adan pikeun sing saha bae, iwal ti Rosululloh.”

Bawirasa ngan ku jalan eta manehna bisa nembongkeun bela bakti jeung sati aka Rosululloh. Pangupukan lelembutanana, huluwotan jeung jeung muara cintana.

Madinah beuki ngungun. Leungiteun cahaya, leungiteun soara. Aya hariring angina, ngawihkeun kidung sorgawi.

“Wilujeng mangsa lahirna

Wilujeng mangsa tilarna

Wilujeng wanci baasna deui…”[ ]

*Dicutat tina “Geus Surup Bulan Purnama”, Yous Hamdan, Pamedal Kiblat, citakan 3, Maret 2020.

Yous Hamdan, guru, sastrawan Sunda du dileler Hadiah Sastra Rancage 2006.

Setiap Rabu, Jernih menampilkan satu atau beberapa tulisan berbahasa Sunda.  

Exit mobile version