
Ukur, nu dina waktu éta jadi prajurit Mataram, ngadadak inget kana kajadian saminggu saeunggeusna, nyaéta basa sénopatih méré laporan ngeunaan gagalna ngalaksanakeun tugas. Bréh atra némbongan, pimpinan prajurit nu kawentar lébér wawanén téh beungeutna katara pias. Mucicid, teu sirikna jiga cucurut nu tigebrus kabawa palid. Sila di Balé Irung karaton ngemu kabingung, teuteupna kosong molongpong taya pisan cahaya, ngagambarkeun kaayaan diri nu geus ilang sukma saméméh perlaya.
Yasana : Darmawan Sepriyossa
Disundakeun ku : Cepi Setiawan
1. Nalukkeun Kebo Édan
Atra pisan, sorot panon éta kebo jalu téh lir silalatuan. Buleudan panonna baganti, nu biasana hérang jiga kaléci harita mah bet katémbong tingarudat beureumna urat. Mun disebutkeun ku ungkara nu leuwih, teu béda jeung pajurawetna kamalir nu eusina getih. Sato nu biasana tara linghas téh dumadakan robah jadi pikasieuneun jeung buringas. Badis kuda giras, suku hareupna téténjrag ngoréhkeun taneuh kalayan bedas teu ieuh risi duméh disapatu beusi. Bédana, nu dipiboga ku éta kebo téh ukur talapok nu heuras jeung teuas.
Ku tilu atawa opat koréhan, taneuh dihareupeunana robah lir susukan nu leutik tapi manjang. Sedeng bangusna katempo ngarenghoskeun awu kokotor, nyebrung tina kadua liang irungna nu baseuh nalika sesegor.
Sakabéh gambaran kitu téh ngajadikeun éta kebo teu béda jeung mahluk pikasieuneun nu tandukan. Leungit ngeunaan sato kukut nu sapopoéna dipaké nyambut, sato nu tuman narik singkal saméméh diangon di satengahing tegal, genah tingtrim rampus nyatuan jukut bari nguriling, sedeng tonggongna ditumpakan budak angon nu ngagelik niup suling.
Lain. Lain kebo jalu nu peureum beunta kangeunahan dikosokan nalika dimandian. Ayeuna mah ngadadak robah adat jeung tabéat, alatan jadi galak bareng jeung giridigna jangkrik nu néangan jalan kaluar tina lulurung liang ceulina. Teuing saha, bet aya nu leukeun kamalinaan sangkan sina jadi édan.
Rungsing ku anéhna rarasaan, sakapeung géték sakapeung nyeri dina jeroeun ceuli, ahirna néangan paneumbleuhan. Nya ka nu di hareupeunana, nu ngabedega dina jarak lima deupa. Saurang lalaki ngora, sukuna panceg napak bumi ngawangun kuda-kuda, teuneung ludeung bari jeung teu weléh waspada. Tapi nu katempo ku sakadang kebo dina waktu harita, sikep éta jajaka téh dianggeapna kacida jumawa.
Sesegor deui téténjrag deui, batu koral mancawura ka mana-mana. Huluna gudag-gideug némbongkeun sima, panonna molotot bangun nu rék coplok.
Si Jajaka teu galideur, laju tatan-tatan. Manéhna nyaho yén moal lila deui éta kebo baris narajang. Teup, dua mahluk béda jinis pateuteup seukeut. Kagambar pisan tina sorot panon éta nonoman, lian ti mébérna kawani, tangtuna ogé museurkeun diri neuleuman eusi haté musuh nu keur disanghareupan jeung ngabadé paniatan lawan. Sasatna sato inguan nu harita ngadadak jadi édan nebarkeun ancaman, nya ku hal éta pisan manehna kudu waspada permana tingal, néangan cara jeung muter akal dina nyanghareupan sagala kamungkinan nu baris tumiba ku maca sakabéh réngkak paripolah lawan.
“Sok siah, moal burung dihayonan,” ceuk éta jajaka ngagerendeng bari panon teu leupas teuteupan.
Keur nu kasakitu kali, éta kebo téh sesegor deui. Suku hareupna nu ti tadi teu eureun téténjrag jeung ngabeulah lemah, ngadadak ngajeten bari mencrong pinuh amarah.
“Hmmm, jigana moal lila deui ieu sato bakal narajang, samarukna teu kajudi, meureunan. Biasana lamun geus kitu peta mah baris nyebrut, nyuruduk ngaheumbat tanduk. Sok ka dieu, rék dipapag sakalian dicangkalak!”
Sred, Si Jajaka ngarobah kuda-kuda, tina ajeg rengkuh jadi ajeg suliwa ngarah leuwih bébas dina mangsa ngolah gerakan tapi keukeuh teu ngurangan pancegna pasangan.
“Aing gé nyaho, sia mah lain maung nu ngagaur saméméh nyerang. Sia mah kebo nu sesegor jeung téténjrag heula, tuluy eureun sajongjongan laju nyebrut narajang ngagunakeun tanaga nu teu kapalang.”
Kangaranan kebo, dina ngalakukeun serangan téh lian ti sapasang tanduk nu dijadikeun pakarang, tangtuna ogé ngagunakeun beuratna awak pikeun ngarojong rohakana neunggar jeung ngarubuhkeun lawan. Nya ku cara kitu, tandukna baris nobros dada éta jajaka nepi ka parat kana tonggongna.
Sebrut, kebo narajang sapisan. Ngabar tanduk sangkan nanceb kana awak nu dipiceuceub. Polahna geus kabaca ku éta jajaka samalah geus didagoan ti tadi mula, abong geus kateguh, kalayan sikep nu tenang Si Jajaka sajorélat ngalakukeun gerakan nu méh teu katuturkeun ku tetempoan. Sred, ngagiwar ku cara ngagésérkeun sukuna dua léngkah ka gigireun lancipna tungtung tanduk. Plos, panarajang si kebo nyamos. Dina waktu nu samporét, bréh karérét, kalayan laluasa leungeun katuhuna sakolépat meta, nonjok mamaras si kebo giras nu perenahna kurang leuwih lima ramo di handapeun tanduk katuhu.
Jekok! Nenggel pisan. Balukarna, éta kebo téh ngadadak limbung. Teu cukup ku kitu, éta jajaka nu sajorélat geus aya di satukangeun kebo téh bangun nu ngalonyéng, rikat nyusul tepus, “Hét! Rasakeun, siah!” jebréd, najong bujurna sataker kebek. Teu kapalang, kebo nyolontod asa disurungkeun. Blug, nyuksruk. Bangusna nyium lemah bareng jeung disada, teuing nyerieun atawa reuwaseun.
“Hayoh, hudang! Piraku ukur sakitu,” ceuk éta jajaka bari ngabedega. Manéhna boga kayakinan, yén kebo téh moal éléh ku sageprakan. Geus tangtu baris narajang ngaduakalian.

Nu lalajo tingkecewis, disagédéngeun muji aya ogé nu ngarasa inggis. Nu séjénna surak sanggeus sajongjongan nahan rénghap.
“Kadé ah, masing iatna!” Ceuk nu lalajo ngagero.
“Tenaaang, kuring mah yakin, enya gé sakitu jelugna tapi éta kebo téh bakal nambru geura, Kang!”
Pok nu saurang deui milu mairan. “Enya, béda tina gerakanana. Éta jajaka téh meni rancingeus pisan. Saha téa, Kang?”
“Teu apal. Ngan ceuk béja mah urang kulon, cenah,”
“Emh, meni ku aya-aya waé atuh nya, nguji calon sinatria nepika diadukeun jeung kebo sagala,”
“Eh, apan ngarah katempo sakumaha wawanén jeung kabisana!”
Pok deui ibu-ibu nu lalajo bari ngais budak, milu nambah omongan. “Keur kasép téh jaba wanian deuih, nya? Mun ibi ngora kénéh mah, daék da,”
“Euh, dasar. Sarékeun éta budak anggur mah,”
“Emh, mangkarunyakeun wé, kumaha mun seug diteunggar ku kebo? Aéh kétang, sing salamet, Sujang! Sok sing ati-ati, pidunga ibi marengan,”
“Geus ah, Bi! Ulah hareup teuing barina ogé, hanas ngadungakeun batur aiteun manéhna sorangan nu diteunggar, kéh,”
“Aéh enya, nya,” Pokna bari pindah ngajauhan.
Kebo lintuh bayuhyuh satékah polah nguniang bari jeung katempo ripuh. Sedeng Si Jajaka tetep tenang, sayaga dina wangunan pasangan. Abong jago, teu ieuh narajang mindo, kalah méré heula témpo kanu keur dina kaayaan rémpo.
Teu jauh tina taksiran, kebo édan téh bener-bener nguniang. Sanggeus ngawasa diri, rét kanu keur ajeg nangtung. Sorot panonna beuki atra nyidem amarah nu ngaberung.
Dumasar kana kaayaan, dina panarajang nu kadua ieu mah Si Jajaka boga cara anu béda pikeun ngayonan.
“Hadé, siah. Sok geura narajang deui!” Gerentes éta jajaka. “Tah ayeuna mah, sia téh moal burung nyebrut bari tungkul nyuruduk. Dimana geus deukeut ka kami, tuluy ngagadil sangkan mencleng nepika ngangkil. Atuh kaya kitu mah lain nyasar awak, tapi geus tangtu ngarah kana palangkakan.” Kitu nu kabaca ku éta jajaka.
Bener pisan, sebrut, si kebo narajang deui, percis sakumaha anu geus diduga ti anggalna. Si Jajaka keukeuh teu robah gerak, kalahka ngahaja jiga-jiga nu mapag. Tapi barang geus deukeut, manéhna rikat luncat. Clé nété kana tanduk nu nyuruduk, barang kebo ngangkilkeun sahayuna, Si Jajaka asa meunang panganteur tanaga pikeun ngajleng bari ngajuralit. Ukur sajorélat, ngadak-ngadak geus aya dina posisi tumpak. Ngadepong dina tonggong, ngajaga awak ngimbangan polah kebo nu baruntak.
“Horsééééh!”
“Hébat euy!”
“Anjiiir, teu nyangka nepika kituna,”
Ceuk nu lalajo bari ngeprokan.
Leungeun kénca Si Jajaka ngopépang ngarangkong ka tukang, upuk-apak sangkan buntut kebo bisa katéwak. Kerewek, gep dikeupeul. Teu kalis ku kitu, buntut nu geus kacekel laju ditilepkeun, barang geus merenah, nyet digegem teu antaparah. Atuh tulang buntut téh sarua jeung dipiteskeun, balukarna sakadang kebo nyerieun kaliwat saking, ahirna ngabrét sakalumpat-lampét.
Sadar kana akibatna, leungeun katuhu Si Jajaka ngahontal tanduk di hareupeunana. Barang kacekel, teu talangké, nyed dibedol saharita dijadikeun alat ngadali sangkan méngkol.
Di sisi alun-alun Karajaan Mataram, loba jalma nu lalajo bari jeung teu puguh pipikiran. Sakapeung muji bébéakan bari haben ngeprokan, tapi teu lila gogorowokan awahing sieun katubruk kebo nu ngabrét sakaparan-paran. Hadéna Si Jajaka rikat, tanduk kebo dibenyéng sabeulah, léok, robah arah. Nu lalajo jigrah ngarasa bungah, duméh bedo ditubruk kebo owah.
Aya rasa sugema nu dirasa ku Si Jajaka dina mangsa harita, duméh geus bisa ngawasa kebo anu bengal kacida. Jorojoy aya niat ngulinkeun, gep buntut kebo, tuluy ditilep dina keupeulan, nyet digegem sakuatna deui. Beretek, kebo lumpat mawa karep.
Nu lalajo surak ambal-ambalan, reueus ku kaparigelan hiji jajaka nu ngawasa kebo édan.
Dadak sakala, sajeroning tunggang sakolépat meunang kasadaran. “Lain dina tempatna, kuring kudu nyiksa ieu sato. Ongkoh barina ogé Kanjeng Sinuhun geus tangtu maréntah kuring pikeun maéhan ieu kebo, sabab pamohalan bisa dibageuran deui.”
Ku harita mah éta jajaka téh ngarumasakeun, yén dirina salaku sinatria teu payus pisan boga kalakuan ngulinkeun sato nu geus puguh bakal dipaéhan.
Dina itungan mangsa nu sajorélatan, bet kapikiran ngeunaan timbalan Sinuhun Karajaan Mataram, Sultan Agung Adi Prabu Hanyokrokusumo, pikeun nundukkeun kebo édan.
Sabenerna mah, Kebo jalu nu jelug jeung tagrég téh lain kebo édan. Tapi kebo nu ngahaja dijieun édan, ceulina diasupan jangkrik atawa gaang, sangkan sampurna jadi lawan pikeun nguji dirina dina olah kaparigelan.
Bréh inget, kecap nundukkeun dina babasan pribadi Sang Sultan mah hartina téh lain sakadar ngancurkeun, tapi kumaha carana sangkan nepika teu walakaya. Malahan mah mun seug dianggap perelu, ulah kapalang numpur-ludeskeun sakabéh turunan musuh, tibang jagana jadi panerus nu ngalawan ka diri Sultan.
Teu kungsi ngadéngé, ngeunaan Sang Sultan nu nimbalan satengah haté. Teu béda nalika nimbalan ka saurang sénopatih sangkan mergasa utusan Kompeni alias VOC (Vereenigde Oost Indische Compaigne) Walanda, Jacob Van Der Marct, anu diutus ku Gubernur Jenderal Jan Pieterzoon Coen, pangawasa Batavia anu kawentar ku panelah Murjangkung.
Awalna mah Van Der Marct jeung 160 personil pasukan téh suksés dina ngemban tugas ka Jepara pikeun meuli béas keur kaperluan VOC. Tapi dina kanyataana lain meuli, kalah ngarampog béas anu mangrupa muatan puluhan parahu Jung Mataram nalika balabuh di Jepara jeung Demak. Réngsé ngarampog, sajumlah parahu tuluy diduruk. Teu kalis ku éta, malahan mah kantor dagang Mataram jeung sababaraha imah nu aya di sabudeureunana sarua diduruk tangka ancur burantakan.
Kalakuan Van Der Marct jeung anak buahna éta téh mangrupa aksi serangan balik, duméh tilu bulan saméméhna nyaéta ping 18 Agustus 1618 Mataram kungsi ngalakukeun serangan ka kantor dagang VOC.
“Hapunten anu kasuhun, Kanjeng Gusti. Abdi seja laporan, wiréh kumpeni parantos nyerang.” Ceuk saurang perwira pasukan nu ngadeuheus méré laporan.
“Kumpeni? Nyerang di mana?” Sang Sultan ngarénjag.
“Di basisir Jepara, Kanjeng Gusti. Kawitna mah badé mésér béas, nanging kalah ngarampog muatan kapal urang. Teu cekap ku kitu, sajumlah kapal sareng imah warga diduruk ku maranéhna,”
“Kurang ajaaar! Saha jalemana nu geus cucungah jeung nyacampah urang, hah?”
“Namina téh Van Der Marct, utusan Murjangkung, Gusti Kanjeng.”
“Senopatih!” Sang Sultan ngagero satarikna, awahing ngampeu amarah.
“Sendika, Gusti Kanjeng Sultan,” walon sénopatih bari nyembah.
“Kaula ngutus anjeun ayeuna kénéh, bawa sirah Van Der Marct ka hareupeun kaula!”
“Sendika, Gusti Kanjeng Sultan,”
Ukur, nu dina waktu éta jadi prajurit Mataram, ngadadak inget kana kajadian saminggu saeunggeusna, nyaéta basa sénopatih méré laporan ngeunaan gagalna ngalaksanakeun tugas. Bréh atra némbongan, pimpinan prajurit nu kawentar lébér wawanén téh beungeutna katara pias. Mucicid, teu sirikna jiga cucurut nu tigebrus kabawa palid. Sila di Balé Irung karaton ngemu kabingung, teuteupna kosong molongpong taya pisan cahaya, ngagambarkeun kaayaan diri nu geus ilang sukma saméméh perlaya. [Lajengkeuneun]






