Panineungan Abah Nana Munajat
Lain kuring waè nu boga rasa hariwang kitu tèh, sarèrèa. Teu ngabibisani, sabab ampir unggal poè Bah Nana terus nguriling ngadongdon sakalian ngabina lingkung seni nu aya di daèrah. Tampolana, dina sapoè kungsi kajadian, isuk-isuk aya di Karawang, beurangna aya di Bekasi, peutingna aya di Bogor, isukna deui geus aya di Kuningan. Kituna tèh mimindengna mah kana kandaraan umum, kacipta capè jeung nguras tanaga.
Ku : Taufik Faturohman
JERNIH– Ka manèhna kuring sok nyebut Pa Nana, ari manèhna ka kuring sok nyebut Pa Haji. Ka dieunakeun, alatan batur loba nu ngaabahkeun, nya kuring gè sok nyebut Abah, lengkepna Abah Mas Nana Munajat Dahlan. Ari Dahlan, jenengan almarhum ramana, kuwu manten Jalancagak, Subang.
Poè Kemis 23 Mèi 2021, Abah Nana tilar dunya alatan serangan jajantung, basa inyana keur ngayakeun riungan jeung seniman, di bumina Ibu Ainun Habibi, di jalan Ranggamalèla Bandung. Harita, Abah Nana ujug-ujug nyeri dada, saterusna ngagubrag. Ku pamilon gempungan laju dicandak ka RS Borommeus, ngan di satengahing perjalanan kabujeng ngantun. Sabada layonna dicandak ka bumina di Kutaluhur Ciburuy, wengina dikurebkeun di Makam Istuning Jalancagak.
Pertengahan taun 80-an gè geus wawuh ka almarhum tèh, ngan “kenal-kenal kerbau” alias wawuh munding. Nyobat dalit mah ti taun 1995, sabada kuring ngadegkeun Padèpokan Seni Bumi Ageung, di Pagerageung. Almarhum kaasup salah saurang Tim Krèatif anu milu marajian lahirna padèpokan, mindeng pulang anting jeung mondok moèk di Bumi Ageung. Diantara kasenian nu aya di Bumi Ageung tèh debus.
Nu debusna kuring sorangan, ari Bah Nana minangka asistèn, kabagèan peran dipeuncit, gugulingan dina beling, jeung buuk dibeuleum dipakè ngagorèng endog. Kuring guguru debus tèh ti Abah Satria, pingpinan debus Maung Lugay, di Mandalawangi Banten.
Si Ujang jeung Doraèmon
Taun 1999, almarhum Kang Wahyu Wibisana ngajak ngagarap dua naskah gending karesmèn keur barudak pikeun dipentaskeun dina acara mungkas Dasa Warsa Kebudayaan, tempatna di Taman Budaya Jawa Barat, di jalan Dago Bandung. Naskah gending karesmèn anu judulna “Si Nyai jeung Robot Buntung” digarap dina laras pèlog ku siswa SDN 1 Cisayong, tempat lahirna Kang Wahyu. Ari nu hiji deui judulna “Si Ujang jeung Doraèmon” digarap dina laras salèndro ku siswa SDN 2 Pagerageung. Èta dua gending karesmèn tèh, nu nata tarina Abah Nana Munajat.
Kaitung suksès pagelaran tèh, malah kungsi ditayangkeun dina TVRI Jabar sagala. Saterusna, èta gending karesmèn mindeng dipentaskeun di Bumi Ageung, pikeun nyuguhan sèmah anu datang, ogè sok dikurilingkeun ka sababaraha tempat. Sajaba mentas di Tasik, ogè kungsi mentas di Garut, Bandung, jeung Purwakarta, dilalajoan ku rèbuan siswa SD jeung SMP pikeun kaperluan aprèsiasi basa jeung sastra Sunda.
Unggal dua atawa tilu taun sakali, gending karesmèn tèh sok ganti pormasi, alatan pamaènna kelas 6 mah kudu neruskeun sakola ka SMP. Nepi ka kiwari, geus dua welas kali ganti pormasi, sarta kungsi mentas leuwih ti saratus kali, kaasup di Sabuga dina acara Hari Buku Nasional, anu dihadiran ku Presidèn Mègawati. Taun ieu, èta gending karesmèn nu nyaritakeun ucing Sunda jeung ucing Jepang tèh diondang manggung di Jepang, ku hiji lembaga budaya nu aya di Ibaraki.
Pangna diondang tèh, Prof Kanèmoto nu kungsi ngadongdon ka Bumi Ageung ngajèn jeung boga angkeuhan yèn ieu gending karesmèn tèh geus nepungkeun dua budaya badag, budaya Sunda jeung budaya Jepang. Dina babadamian awal jeung Prof Kanèmoto, asa teu mungkin mun mentas di Jepang ngabringkeun barudak SD ti lembur, kacipta bakal riweuh jeung olok waragad. Sabada dibadamikeun, nya sapuk ti Bumi Ageung mah ukur ngirimkeun Abah Nana jeung Iik Setiawan pikeun nata tari jeung nata karawitanana. Keun nu maraènna mah barudak SD nu aya di Ibaraki. Hanjakal pisan, mun tèa mah rencana mentas di Jepang tèh dianggap puncak prèstasi, Abah Nana nu tisusut tidungdung ngaracikna teu tiasa nyaksian, da kabujeng ngantun.
Seniman galak
Sakali mangsa almarhum Pa Abubakar, Bupati KBB harita nembè mulih lalandong jajantungna di Singapur. Ari para seniman ngadongsok hayang dialog jeung bupati, nu waktuna teu bisa diengkèkeun deui. Ka rorompok sumping utusan Pa Bupati, nu ngahiras kuring sangkan daèk jadi panumbu catur.
“Saur Pa Bupati, upami Kang Ofik panumbu caturna mah, gempungan bakal èncèr, margi bari ngabodor,” ceuk èta jurungan. Nya dimanggakeun wè.
Dina poèanana, satengah jam saacan acara lumangsung, kuring geus aya di lokasi. Kabeneran Pa Abubakar tos sumping, terus ku staf nu aya di dinya dijajapkeun ka rohang bupati.
“Dupi seniman KBB minangka nu panggalakna, saha Pa?” ceuk kuring nanya.
“Pa Nana Munajat!” tembal Pa Abubakar tandes pisan.
Dina èmprona riungan, teu kajadian aya nu tarik gorowok sumawonna protès, datar wè bari seuseurian. Isukna, Bah Nana nga-WA.
“Abdi dicarèkan ku balad seniman KBB, dinaha-naha materi anu tos disiapkeun kanggè protès ka bupati teu didugikeun. Tuda teu apal, yèn nu bakal mingpin riungan tèh Pa Haji,” saur Bah Nana dina WA-na.
Papadaning kitu, sanajan riungan harita “gagal”, Bah Nana kawèntar sabagè seniman galak dina ngungkab hal-hal kateueucreugan di lingkungan birokrat. Lain di KBB waè, apan nu ngoyag-ngoyag teu eucreugna pangwangunan gedong kasenian di Sumedang jeung Subang anu siga kandang japati tèa, Bah Nana panghareupna. Ngan basa milu dèmo soal galian keusik di Tasik mah, ku kuring digelendeng.
“Ulah sagala teuing digarap, Bah. Keun wè urusan galian keusik mah nu protèsna urang Tasik. Picapèeun, Abah kudu nolih kana kasèhatan deuih, ulah ngincir sareng sagala digarap,” ceuk kuring hariwang.
Lain kuring waè nu boga rasa hariwang kitu tèh, sarèrèa. Teu ngabibisani, sabab ampir unggal poè Bah Nana terus nguriling ngadongdon sakalian ngabina lingkung seni nu aya di daèrah. Tampolana, dina sapoè kungsi kajadian, isuk-isuk aya di Karawang, beurangna aya di Bekasi, peutingna aya di Bogor, isukna deui geus aya di Kuningan. Kituna tèh mimindengna mah kana kandaraan umum, kacipta capè jeung nguras tanaga.
“Jaga kasèhatan, Bah! Teu kedah maksakeun sumping,” ceuk kuring sakali mangsa, basa almarhum ngurunyung ka Bumi Ageung bari dibèyèng ku istrina, dina kaayaan nuju teu damang. Harita Bah Nana badè ngalatih bangklungan, kolaborasi terbang, angklung, tembang pagerageungan, jeung rudat. Bah Nana kabagèan nata rudatna.
“Hariwang, bilih kabolèr, apan waktos fèstival tos caket,” walonna. Jeung enyana, bangklungan tèh disiapkeun pikeun tandang dina Festival Seni Tradisi antar kacamatan sa-Kabupatèn Tasik alhamdulillah, kaselir jadi piunggul kahiji.
Babasan taya kacapè jeung teu miduli kasèhatan, merenah pisan mun dipapandèkeun ka almarhum. Apan dina poèan kajadian gè, almarhum keur dadahut nyiapkeun film “Subanglarang“. Isuk-isuk soting di Situ Ciburuy, beurangna milu ngariung di Ranggamalèla, nepi ka kajadian kaserang jajantung tèa.
Diusir bobotoh
Aya dua kajadian nu moal kapopohokeun salila puluhan taun nyobat jeung almarhum. Nu kahiji, basa almarhum boga maksud mileuheungkeun urang Ciburuy, nya kuring anu kabagèan biantara masrahkeunanana. Henteu hajat, ukur ngariung sakulawarga, terus dirapalan. Nutup biantara, kuring nyarita, yèn duit mas kawin alusna kudu diitung deui, sabab bisi kurang. Ari ku pribumi, èta heureuy dianggap enya, terus duit mas kawin tèh ku calon mitohana diitung hareupeun sarèrèa.
Kajadian kadua, lumangsung taun 2004, waktu kuring jadi Ketua Panpel Persib, boga program ngeusian lolongkrang waktu reureuh pertandingan, ku rupa-rupa pintonan seni tradisi. Nya almarhum nu jadi kuratorna, sakaligus ngontak pingpinan lingkung senina.
Kajadian saterusna, aya patalina jeung bobotoh Persib. Alatan sèlèbrasi bobotoh dina gerakan leungeun niru ombak can kompak, nu nulis ngahiras almarhum nata gerakna, sangkan belasan rebu leungeun sa-Stadion Siliwangi nu diobahkeun niru-niru ombak laut tèh, leuwih alus katempona.
Barang asup ka Tribun Timur, terus almarhum cacarita jeung mèrè conto kumaha alusna ngobahkeun leungeun niru ombak, ngan loba bobotoh teu narima.
“Nanaonan bet wani-wani ngatur dèwèk? Urusan sèlèbrasi mah kumaha dèwèk wè, di dinya teu kudu pipilueun!” ceuk bobotoh ambek, anu harita mah masih loba nu arasup ka Stadion Siliwangi tèh bari gèdèg.
Nu nulis gè kagèt, naha Bah Nana can lila ngalatihna geus ngurunyung deui ka rohang panpèl? Bari seuri, almarhum nyarita.
“Pa Haji, abdi bobolèh. Tibatan ngalatih bobotoh mah, mending dipiwarang ngalatih munding èdan wè. Abdi kalah diusir!” ceuk almarhum bari nyèrengèh.
Anugerah budaya
Alatan sarèrèa pada apal kana jasa almarhum dina ngamumulè kasenian di Jawa Barat bari tara nolih aya honoran atawa euweuh, ieu pencipta tari “Pamogoran” tèh pantes pisan ku pamarèntah dileler anugerah budaya.
Sanajan katempo galak jeung tarik gorowok nu nyababkeun aya pajabat satingkat Kabid di KBB anu dieureunkeun lantaran didèmo ku almarhum sabalad-balad, atawa katembong “keras” lamun keur ngalatih, sabenerna almarhum hatèna beresih, teu niat boga musuh jeung tara ngukut dengdam.
Ngan kungsi ka kuring curhat, basa unggal nulis status dina facebook sok terus dilèlècè waè ku pairan salah saurang seniman nu kungsi babarengan ngajar di SMKN 10 Bandung. Malah pok pisan, èta seniman kungsi moyok yèn almarhum ulah buburuh seni waè, kaasup mun tos ngayakeun kagiatan di Bumi Ageung. Ahirna, sabada kuring milu mairan dina statusna, èta nu ngalèlècè tèh sadar, terus mènta dihampura.
Wilujeng angkat ka Kalanggengan, Bah. Sanaos sim kuring sabalad-balad masih sono sasarengan, namung Abah kabujeng mayuneun reureuh dina pangkonan Nu Kagungan. Naon-naon anu tos dipilampah ku Abah dina nanjeurkeun ajèn inajèn seni Sunda, mugia janten amal nu bakal ngajajapkeun ka sawarga. Aamiin …. [ ]